Selasa, 20 April 2010

Seni Sunda wayang golek

Kunaon judul diluhur jadi bahasan abdi kusabab seni wayang golek mah jadi ciri seni sunda dina wayang golek aya kawih, basa sunda, tangtuna wayang nu mangrupa jalma / boneka , Eta mah ceuk abdi teu langkung bilih aya nu bade nambihan mangga tambihan nyalira .
Seni wayang golek ayeuna mah geus rada jarang paling oge mun aya acara- acara pamarentah kanggo penyuluhan,acara peringatan hari jadi lembaga atawa agenda rutin lembaga jeung hajatan jalma nu ekonomina menengah ka luhur sabab ngabutuh keun waragad anu rada lumayan ageung.
Nya meureun ete oge jadi alesan ngurangan na pagelaran seni wayang golek teh tapi aya deui nu jadi masalah teh nya eta kurangna pendidikan jeung kurang tanggap na pamarentah ngabudayakeun seni wayang golek